(فصل)

 أركان الإيمان ستة: أن تؤمن بالله و ملائكته و كتبه و رسله و باليوم الآخر و بالقدر خيره و شره من الله تعالى.


(Fasal) ari pirang-pirang rukun iman eta aya 6:

1. Iman ka Allah

2. Iman ka Malaikat

3. Iman kana kitab-kitab

4. Iman ka utusan Allah

5. Iman kana hari akhir

6. Iman kana papasten: sae & awon ti Allah.


Penjelasan:


Ari definisi iman teh kabagi 2:

1. Lughot/bahasa: 

مطلق التصديق

"Kadar² ngabenerkeun".

2. Syara'/istila: 

التصديق بما جاء به النبي صلى الله عليه و سلم مما علم من الدين بااضرورة

"Ngabenerkeun kana segala perkana anu dibawa ku Nabi Muhammad SAW. tina perkara agama anu tos jelas.


Tingkatan iman aya 6:

1. Iman Taqlid: Imanna jalma anu ngan saukur nuturkeun kana omongan batur bari teu apal kana dalil (hukum imanna sah, ngan doraka. Sabab masih keneh bisa ngusahakeun apal kana dalil)

2. Iman Ilmu: Imanna jalma anu apal kana aqoid tur apal kana dalil-dalil: Qur'an atau Akal. (Iman Ilmul Yaqin)

3. Iman 'Iyan: Imanna jalma anu ma'rifat ka Allah SWT. jeung hatena Muroqobah ka Allah (can pernah leungit dina hatena mengenai Allah sakicep panon oge) soalna asa di sama' jeung di bashor ku Allah. (Maqom Muroqobah/iman 'ainul yaqin)

4. Iman Haq: Imanna jalma anu ningali ka Allag ku hatena (jalma anu arifin) dina segala perkara (makhluq-Na). Maksudna mah bahwa sakabeh makhluk anu ditempo ku jalma anu iman ieu teh, sanes fisik awakna, tapi langsung ngemut saha anu nyiptakeunna. (Maqom Musyahadah/Iman Haqqul Yaqin).

5. Iman Haqiqat: imanna jalma anu ngarasa rusak ka Allag jeung weureu/mabuk kubakating cinta ka Allah, teu aya deui anu ditingali jeung disaksi dina dunia ieu iwalti Allah (ibarat jalma anu tenggelam dina lautan lega). Contohna: Siti Robiah Adawiah & Syekh Siti Jenar.


Definisi Ma'rifat:

إدراك جازم بحيث لا يقع معه تردد موافق لما فى الواقع ناشئ عن دليل

"Pamanggih anu jazim (pasti), anu teu kena owah gingsir (teu aya mang²), anu akur jeung buktina jeung dilandasan ku dalil/alasan".


Definisi Tashdiq:

مع الإذعان و القبول

"Dibarengan pangakuan sarta panarimaan" (ngaku jeung nampi).


Iman anu kahiji nyaeta iman ka Allah

Bahwa urang teh kudu nekadkeun jeung ngayakinkeun kana sagala hal anu aya di Allah, terutama urang kudu apal kana dalil naqli (qur'an/hadits) jeung dalil aqli (akal) kana sifat wajib Allah, mustahil Allah, jeung jaiz Allah. (Penjelasanna engke aya dina kitab Tijan/Tauhid).


Iman anu kaduana nyaeta iman ka Malaikat

Definisi Malaikat: "Jisim anu bangsa cahaya jeung lembut anu lain lalaki, awewe, wandu, teu aya bapak/indung, anu bener kabeh kana ikhbar/berita anu disampaikeunna ti Allah, anu teu makan/minum, anu teu aya amal sae/awon, jeung diparentah kudu thoat ka Allah"


Bilangan Malaikat teu aya nu uninga iwalti Allah, ngan anu wajib ku urang diketahui ngaran² tur tugasna jeung diimankeun bahwa malaikat teh aya 10: Jibril, Mikail, Isrofil, Izroil, Munkar, Nakir, Roqib, Atid, Malik & Ridwan.


Iman anu katilu nyaeta ngimankeun kana kitab-kitab Allah:

Definisi kitab: "Kalam Allah anu diturunkeun ka para utusan-Na".


Rincian kitab Allah anu diturunkeun ka utusan-Na aya 114: (Suhuf & Kitab/mushaf)


-Nabi Adam 10 Shuhuf

-Nabi Syits 50 Shuhuf

-Nabi Idris 30 Shuhuf

-Nabi Ibrahim 10 Shuhuf

-Nabi Musa 10 Shuhuf


1. Kitab Taurat: Nabi Musa

2. Kitab Zabur: Nabi Daud

3. Kitab Injil: Nabi Isa

4. Kitab al-Qur'an: Nabi Muhammad SAW.


Iman anu kaopat nyaeta ngaimankeun kana utusan Allah


Definisi Nabi:

إنسان أوحي إليه بشرع و لم يؤمر بتبليفه

"Manusia anu dipasihan wahyu tapi teu wajib nepikeun ka umatna"


Definisi Rosul:

إنسان أوحي بشرع و يؤمر بتبلغيه

"Manusia anu dipasihan wahyu jeung wajib nepikeun ka umatna"


Bilangan Nabi sadayana aya 124.000

Bilangan Rosul sadayana aya 313/314/315 (ikhtilaf Ulama')

Bilangan Nabi & Rosul anu wajib diketahui aya 25.


Iman anu kalima nyaeta ngaimankeun kana ayana hari akhir

Sebagian hal-hal anu termasuk kana hari akhir/ghoib teh nyaeta: Syaithon, Jin, Alam Barzakh, Alam Mahsyar, Mizan, Surga, Neraka, Talaga Kausar, Syafaat Rosul dll.


Iman anu ka genep nyaeta ngaimankeun kana Qodar/papasten ti Allah, boh anu saena boh anu awonna


Mushonif ngabahasakeun papasten aya anu awon jeung sae teh, eta pedah sesuai jeung nafsu/akal urang. Padahal hakikat qodar teh sadayana sae mungguhing Allah, ngan urangna kadang lumayan berat narima kana Qodar anu teu sesuai jeung kahayang.


Definisi Qodar: Segala hal sesuatu ketentuan Allah anu eukeur dilakukeun atau geus kalakukeun.

Definisi Qodo': Segala hal sesuatu ketentuan Allah anu acan dilakukeun/karandapan.


Cara urang menyikapi kana Qodar ti Allah teh nyaeta bahwa qodar anu sae mah sadayana ti Allah, ngan lamun Qodar anu awon mah sadayana ti pribadi (ieu teh bentuk penghormatan), dilandasan ku QS. An-Nisa' : 79

"Perkara anu sae kena ka anjeun eta teh ti Allah, perkara anu awon kena ka anjeun eta teh ti diri anjeun".


Tina Qodo jeung Qodar ieu berkaitan kana Syareat jeung Hakekat (Usaha jeung Tawakal), bahwa urang teh ulah nepika teu seimbang kana salah sahijina. Sabab lamun urang teu seimbang kana salah sahijina, bisi kaasupkeun golongan Jabbariah atau Qodariah.


Definisi golongan Jabbariah: Golongan jalma anu nekadkeun bahwa sagala hal kejadian teh sakabehna ti Allah jeung pasrah. (otomatis aya pikiran bahwa kejadian anu awon teh ti Allah semata, lain kesalahan pribadi anu dilandasan ku nafsu). Contoh: Lamun gering teh ti Allah, jeung cageur oge kumaha Allah/sekehendak Allah. Padahal Allah nitah ikhtiar ka makhluk-Na sangkan aya ganjaran tina eta.


Definisi golongan Qodariah: Golongan jalma anu nekadkeun bahwa sagala kejadian teh teu aya intervensi ti Allah, mutlak usaha manusia (otomatis aya pikiran bahwa hal-hal anu kuduna biasa/alamiah pas nalika teu terjadi, maka eta teh ditolak) contohna: Biasana api teh sok ngaduruk, tah kejadian mukjizat nabi Ibrohim anu diduruk ku api tapi teu panas teh, ditolak ku golongan ieu.


والله أعلم بالصواب