(فصل) 

أركان الإسلام خمسة: شهادة أن لا إله إلّا الله و أنّ محمّدا رسول الله، و إيقام الصلاة، و إيتاء الزكاة، و صوم رمضان، و حج البيت من استطاع إليه سبيلا.

(Fasal) Rukun Islam aya 5:

1. Syahadat: (Nekadkeun) teu aya deui pangeran anu wajib diibadahan dina wujudna kecuali Allah dan Nabi Muhammad utusan Allah.

2. Mendirikan shalat

3. Membayar zakat

4. Puasa dibulan Ramadhan

5. Haji ke Baitullah bagi orang yang mampu melaksanakannya.


Penjelasan sedikit:

1. Syahadat: ngucapkeun 2 kalimat syahadat (isyarat pikeun anu ngagaduhan kekurangan dina fisik) jeung disertai kana hate anu bener; narima kana naon anu diparentah/dilarang ku Allah, jeung narima kana naon anu dibawa ku Nabi Muhammad SAW dina risalahna. 


2. Ngadegkeun shalat: minimal ngadegkeun shalat anu wajib/fardhu (5 waktu) tea. 

Definisi shalat kabagi 2:

-bahasa: doa

-istilah:

 أقوال و أفعال مفتتحة بالتكبير و مختتمة باتسليم

"Pirang-pirang ucapan, pirang-pirang pagawean, anu dimimitian ku takbir, ditungtungan ku salam".

Kunaon make bahasa ngadegkeun shalat, lain ngalakonan shalat? Sabab anu dibutuhkan dina amaliah mah, nyaeta adegna shalat, sanes ngan saukur kalaksanakeun. Jeung tingkatan paling minimal dina ngadegkeun shalat teh urang kudu khusyu mubtadi'in (fokus nalika shalat jeung fokus kana bacaan shalat). Lamun urang tos bisa khusyu dina shalat, otomatis bakalan ngaruh kana manfaatna nyaeta nyegah tina nahyi jeung mungkar tea.


3. Mayar Zakat: Zakat anu fardhu aen adalah mayar zakat fitrah.

Dina masalah fardhu, kabagi 2 bagian:

-fardhu kifayah: dimana-mana dilaksanakeun ku batur, maka cupar kawajiban batur anu sejen (anu teu ngalakonan). Contohna Shalat Jenazah (bisa cupar dosa ku batur anu ngalakonanna)

-fardhu aen: Dimana-mana dilakonan ku batur, maka teu matak leungit cupar dosa. Dalam artian wajib ka sakur-sakur babatok (sadaya jalma). 

Hakikatna, lamun urang resep kana mayar zakat, manfaatna lain beakkeun harta atau jadi saeutik kana harta, justru matak loba: lobana kasaean, numbuhkeun kasaean jeung nambahna thoat ka Allah nu disebut Berkah tea.

Sakumaha lobana harta, tapi lamun jarang mayar zakat, maka kurang berkah jeung sering ngarasa cukup. Tapi lamun sering zakat, sedekah, hibah dll, maka rezeki urang bakalan bersih jeung matak berkah.


4. Puasa dina bulan Ramadhan.

Definisi puasa kabagi 2:

-bahasa: kadar-kadar nahan/nyengker

-istilah: Nahan/nyengker tina hal nu matak batal puasa ku niat anu khusus keur puasa dina sakabeh beurang.


5. Haji ka Baitullah pikeun jalma anu mampu ngalakonanna.

Maksud anu mampu ngalakonanna, ditingali dina berbagai aspek:

-niat anu paling utama, sabab harta sakumaha lobana lamun teu aya niat pikeun haji, maka moal matak angkat haji ka baitulloh.

-bekelna: bekel angkat/pulang, bekel diditu, jeung bekel anu dikantunkeun.

-Sehat Jasmani & Rohani, ngan meunang diwakilan hajina pikeun jalma anu geus nishob haji tapi kurang sehat/lansia.


Bisa diambil kesimpulan, kategori fiqh teh ngajelaskeun tentang amaliah sehari-hari (ibadah)

Ibadah teh kabagi 2:

-mahdhoh: ibadah anu langsung ka Allah. Contoh shalat, puasa jeung haji

-ghoer mahdhoh: ibadah anu teu langsung ka Allah, ngan perantara makhluk-Nya. Contoh Zakat, sedekah dll.


و الله أعلم بالصواب