بسم الله الرحمن الرحيم

أو قال لفعل حدث ... من لم يعرف الشر يقع منه

Masih keneh ngabahas murtad ucapan:

- Jalma teh ngomong bahwa ieu teh lain takdir Allah

- Lamun para nabi, malaikat jeung sakabeh jalma muslim nyaksikeun ka kuring, kuring moal narima.

- Kuring moal ngalakonan eta sok sanajan hukumna sunnah (bari niat ngahinakeun)

- Lamun si itu Nabi, moal arek iman kuring

- Lamun jalma berilmu mere fatwa syariat tuluy ngobrol "Ieu teh syariat?" Bari ngahinakeun

- Laknat Allah ka sakabeh jalma anu pinter, bari niat dina hatena meakkeun sampe ka para nabi

- Kuring teh bebas ti Allah, Malaikat, Para Nabi, Alquran, Syariat jeung Islam

- Jalma ngomong kana hukum syariat anu mana hukum ieu arek ditibakeun ka jalma eta "Ieu teh hukum naon? Urang mah teu apal kana hukum ieu" bari ngahinakeun kana hukum Allah.

- Jalma teh ngucapkeun kana babaraha ayat bari ngahinakeun, Ngaguguyonkeun:

1. Keur nalika minuhan cai bari ngucapkeun ayat *Wa Ka'san Dihaqon*

2. Keur nalika nyicikeun cai bari ngucapkeun ayat *Fakaanat Saroban*

3. Keur nalika nimbang atau naker perkara bari ngucapkeun ayat *Wa Idzaa Kaaluhum Au Wazanuuhum Yukhsiruun*

4. Keur nalika nempo kumpulan jalma² loba bari ngucapkeun *Wa Hasyarnaahum Falam Nughodir minhum Ahadan*

- Jalma anu nganggap remeh kana hal anu berkaitan jeung Qur'an maka murtad

- Jalma nyarekan ka nabi atau malaikat

- Jalma ngomong "Kuring teh mucikari/germo"

- Lamun kuring teu meunang kaalusan dina salila ieu sok shalat, maka teu pantes keur kuring. Bari niat ngahinakeun, nganggap remeh, ngarekeun halal tinggal shalat atau ngagorengkeun kana Shalat

- Jalma teh ngomong kieu ka sesama muslim "Kuring musuh anjeun, musuh nabi anjeun, musuh kakek anjeun"


Ceuk Syekh Ahmad bin Hajar jeung Syekh Qodi 'Iyad nyarioskeun bahwa lafad-lafad anu matak murtad loba pisan. Aya dina kitab Al-I'lam BiQowati'il Islam jeung As-Syifa.


Jalma anu teu apal kana kagorengan, pasti bakalan tumiba dina kagorengan.


و الله أعلم بالصواب